Diberdayakan oleh Blogger.

Rabu, 19 Agustus 2015

Contoh teks Dialog Drama/Pawayangan Basa Sunda (Lengkap)



”SUMPAH SRIKANDI”
Assalamu’alaikum wr. wb
                Urang bade mintonkeun carita anu dijudulan “ SUMPAH SRIKANDI “ . Dicaritakeun kesatria namina Bisma nuju di udag beurik tresna ku saurang putri geulis anu namina Dewi Amba. Nanging Bisma atos miboga sumpah moal nikah sareung wanoja mana wae, margi tresna na Amba ngudag-ngudag tresna Bisma, nanging naon anu lumangsung margi hiji perkawis anu heunteu disengaja Amba maot ku Bisma. Sateuacan maot, Amba janji yen anjeunna bade nitiskeun kasalah saurang wanoja sarta sanggeum maehan Bisma. Sababaraha taun saterusna Amba nitiskeun ka Srikandi salah saurang kesatria geulis jago manah sarta di ditu lumangsung perang prayuda. Bisma heunteu sanggeum dielehkeun ku kesatria, nanging kedah ngahareupan kalawan Srikandi. Kumaha carita salajeungna hayu urang tingal di TKP.
Bisma                    : “ Widura, urang ek nyarita kamaneh,  yen urang keur diudag beurik ku saurang putri, namina putri Amba “
Widura                 : “ Oh, maneh keur diudag beurik ku putri, nanging  urang keur di udag beurik ku Banci.
Bisma                    : “Ah… aya-aya bae maneh”
Widura                 : “Aya naon maneh? “
Bisma                    : “ Abdi menta ditenangkeun hate abdi supados abdi heunteu diudag beurik bae ku wanoja geulis. Kumaha carana? “
Widura                 : “ Carana gampil, maneh ulah nikah kalawan saha bae, lamun maneh nikah maneh bakal di kutuk ”
Bisma                    : “ Janteun abdi ulah nikah saumur hirup kitu? “
Widura                 : “ Muhun “
Bisma                    : “ Muhun atuh ari kitumah janteun abdi ulah aya ritual kitu? “
Widura                 : “ Maneh kudu tatapa sareung maneh kudu kuat nahan nafsu. “
Bisma                    : “ Muhun atuh, maneh ulah ngajak ngomongnya “
Widura                 : “Muhun”
Bisma                    : “Nya entos cicing, ulah ngomong wae”
Widura                 : “Muhun”
Bisma                    : “Muhun”

Bisma oge nenangkeun hate kalawan nyemedi ngajauhkeun nafsu duniawi margi anjeunna atos bersumpah moal nikah Saumur hirup. Datang wae Amba, wanoja anu kagegeloan kalawan Bisma sarta lambuh hate. Apa Bisma bade kabengbat? Hayu urang tingal wae.
Amba                    : “Naon anu maneh pigawe bisma? Maneh mani kasep pisan ari nuju kieu. Kunaon maneh cicing wae?”.
Pek si Bisma teh dina jero hate
Bisma                    : “Abdi kedah teguh kawalan janji abdi yen abdi moal kabengbat kalawan saha bae”.
Amba                    : “Bisma, ulah cicing wae atuh. Abdi kagegeloan ku maneh yeuh”.
Bisma                    : “Cicing maneh,ulah nyepeng….ulah nyepeng….ulah ngagoda abdi”.
Bisma sanaos dipaksa ku Putri Amba anjeunna angger nampik, tanpa sangaja manehna nyorong Putri Amba kalawan ku elmuna.
Sateuacanna maot Amba oge nyumpahkeun yen Bisma bade nilar dimargikeun ku titisan Putri Amba.
Amba                    : “Aaahhhh… Bisma maneh atos maehan abdi, abdi bersumpah tiwasna maneh tangtos dimargikeun ku titisan abdi”.
Amba oge bersumpah manehna bade nitiskeun ka saurang wanoja sarta bade maehan Bisma. Ulah kamana-mana saderek sadayana anggeur di TKP.
(Nyanyi Lagu CITA CITATA - Sakitnya Tuh Disini Versi Sunda)
Sababaraha puluh taun saterusna kajadian Perang Bratayuda, didieu pihak Kurawa ngalawan pihak Pandawa. Sedengkeun Bisma aya dipihak Kurawa, anjeunna oge ngalawan incuna sorangan nyaeta Arjuna ti Pandawa. Indung Bisma anu namina Dewi Gangga ngingetkeun Bisma supados ulah turun ngalawan saurang wanoja, emut kutukan ti Amba. Langsung wae urang tingali di TKP.
Dewi Gangga     : “ Sasih kana sasih, taun kana taun teu aya wartos ngeunaan perang anaking, mugi-mugi di eta pertempuran anaking mangka maot Ya Allah”.
Dalang                  : “Geuning maot sih? Mangka damang atuh!”.
Dewi Gangga     : “Oh…muhun, ulah sampe maot. “
“Samba…..samba…..”
Dalang                  : “Samba? Saha Samba?”
Dewi Gangga     : “Anaking:”
Dalang                  : “Bisma ngaranna, lain Samba”
Dewi Gangga     : “ Oh, enya…”
                                  “Bisma………. ema sono cep”
Sarta Bisma oge wedal sareng Widura
Dewi Gangga     : “ Bisma………….”
Bisma                    : “ Hayyy…………..”
Dewi Gangga     : “ Bisma…………..”
Bisma                    : “ Haayyy……….”
Dewi Gangga     : “ Ieu ema cep”
Bisma                    : “ Saha maneh???”
Dewi Gangga     : “ Ema, anu ngalahirkeun maneh cep “
Bisma                    : “ Ema? Geuning melar? Kapunggkur mah alit. Ema atos lami urang teu pateupang .     Ema sono henteu ka bisma?
Dewi Gangga     : “Ema sono pisan cep ……”
Bisma                  : “Abdi henteu ma …..”
Dewi Gangga     : “Cai panon ema atos seep , kumargi sono pisan ka maneh . Geuning maneh kalah teu  sono ka ema sih “
Bisma                    : “Sssstttttt …… ulah kitu ma “
Dewi Gangga     : “Geuning ema kalah di sssstttttt”
Bisma                    : “Bisma mantun wartos ma,urang boga jodoh “
Dewi Gangga     : “Jodoh? Kanggo saha? Kanggo ema”
Bisma                    : “Ieu jodoh abdi “
Widura                 : “Sanes , abdi mah penasehat “
Dewi Gangga     : “Bisma ,ema ngan bisa nalatahan ka maneh cep “
Bisma                    : “Nalatahan naon ema?? “
Dewi Gangga     : “Ema embung kaleungitan maneh cep . Pokona maneh di medan perang ulah sakali-kali pahareup-hareup kalawan saurang wanoja sarta ulah sakali-kali maehan wanoja . Maneh terang henteu? Eta teh kalemahan maneh .”
Bisma                    : “Muhun ema, tidaaaaakkk …...”
Dalang                  : “Naon urusan na bisma?”
Bisma                    : “Atuh pan amih dramatis dalang”
Dalang                  : “Maneh jalma sakti moal aya nu ngelehkeun maneh”
Bisma                    : “Nanging kalemahan abdi nyaeta saurang wanoja”
Dewi Gangga     : “Ulah ngulangi deui nya cep!!”
Bisma                    : “Nya insya Allah lahh, abdi atos terang ayeuna kumargi ayeuna si Arjuna bade nyerang abdi , manehna bade ngajak perang ka abdi”
Dewi Gangga     : “Hareupan bae cep”
Bisma                    : “Nanging manehna bising mawa wanoja ma”
Dewi Gangga     : “Maneh mundur lamun aya wanoja”
Bisma                    :”Lamun di tukang aya wanoja deui?”
Dewi Gangga     : “Munduuurrrrrr ….”
Bisma                    : “Munduuuurrrrr ….? Kageule atuh ma”
Widura                 : “Lamun aya wanoja jeung abdi bae”
Bisma                    : “Wanoja bae pikiranna”
Dewi Gangga     : “Nya tos maneh cicing di dieu , ema kapeungkeur heula”
Bisma                    : “Muhun atuh ema”
Pek datang bae Arjuna nantangan Bisma . Arjuna ieu masih kaitung incuna Bisma, sanggup teu Arjuna ngelehkeun Bisma?  Langsung bae urang tingal di TKP .
Arjuna                  : “Eng… ing… eng … Abdi bade tempur jeung maneh bisma”
Bisma                    : “Agehhh atuh”
Arjuna                  : “Sanaos maneh saleres na nyaeta aki abdi sorangan”
Bisma                    : “Muhun atuh ,sabenerna abdi embung tempur jeung maneh sanaos tos kolot . Nanging kumargi ieu tugas abdi bade tempur jeung maneh”
Arjuna                  : “Kaluarkeun panah maneh , rasakeun ieu Bisma”
Bisma                    : “Rasakeun ieu panah TRIO MACAN”
Kumargi Arjuna atos tempur satengah hate. Maka manehna teu sanggup ngelehkeun Bisma , Disisi nu sejen saleresna Bisma oge sakti. Pek datang wae Kresna ngaemutkeun bisma .
Bisma                    : “Nya atuh, angken yen Arjuna eta eleh henteu tiasa ngelehkeun abdi , kasaktian abdi ngaleuwihan batur”
Arjuna                  : “Nya atuh , urang lanjutkeun deui isukan”
(Nyanyi Lagu KOTAK - Beraksi)
Arjuna jeung Kresna usaha kanggo milari siasat, kanggo ngelehkeun resip-resip bisma sarta dipikanyaho jalmi sakti henteu sanggem di elehkeun saha bae pek datang wae rencana kanggo ngadatangkeun Srikandi Kalawan bisma. Langsung wae urang tingali di TKP .
Kresna                  : “Maneh kumaha sih ngelehkeun aki-aki bae oge teu bisa , abdi nyerakeun atuh”
Arjuna                  : “Sabenerna abdi teh teu rarajeun ngalawan manehna , sacara maneh na eta aki urang moal mungkin lamun abdi ngalawan manehna”
Kresna                  : “Arjuna? Abdi gaduh ideu kumaha lamun bisa urang jurung ngalawan si Srikandi”
Arjuna                  : “Geus atuh , urang erek neangan cara kanggo ngelehkeun Bisma. Abdi atos gaduh carana, AHAAAAAA ………”
Kresna                  : “Oh …. Kituu….”
Pek datang wae Srikandi ngahareupan Arjuna jeung Kresna .
Kresna                  : “Arjuna , wanoja eta saha?”
Arjuna                  : “Wanoja eta ngarana Srikandi”
Kresna                  : “Oh… manehna anu bisa ngelehkeun si Bisma”
Akhirna Arjuna jeung Kresna ngaberekeun tugas ka Srikandi ngahareupan Bisma . ulah kamana-mana cicing di TKP.
(Nyanyi Lagu Manuk Dadali)
Pek pahareup-hareup antawis Bisma jeung Arjuna. Nanging Arjuna atos gaduh siasat kanggo ngelehkeun bisma nyaeta ngadatangkeun Srikandi putri geulis, jago manah anu erek ngalawan Bisma. Langsung urang tingali wae di TKP.
Bisma                    : “Emaaa… ayeuna abdi bade tarung sareung Arjuna , nuhunkeun do’a restu”
Dewi Gangga     : “Ema di peungkeureun maneh cep”
Bisma                    : “Bade masihan do’a ?”
Dewi Gangga     : “Pastiii….”
Bisma                    : “Abdi bade latihan heula sateuacan arjuna dongkap”
(Arjuna jeung Kresna datang )
Arjuna                  : “Heeyyyy Bisma , maneh atos siap tarung jeung urang?”
Widura                 : “Ehhh… abdi teu di ajak perang yeuh”
Bisma                    : “Arjuna? Sateuacan ngalawan abdi, lawan heula Widura”
Arjuna                  : “Sateuacan maneh ngalawan abdi, lawan heula Kresna”
Dewi Gangga     : “heehhh, lawan maneh nyaeta abdi”
Bisma                    : “Loba ngomong ema mah, ntos cicing wae”
Kresna                  : “Ageh nanang khosyim”
Widura                 : “Nanging ulah sakali-kali KDRT”
(Widura jeung Kresna tarung )
Bisma                    : “Ageh lawan abdi Arjuna”
(Bisma jeung Arjuna tarung )
Arjuna                  : “Nya atuhh , abdi bade ngageroan hiji jalma kanggo ngalawan maneh”
Bisma                    : “Mangga…”
(Srikandi kaluar…..)
Bisma                    : “Ohh tidaaakkkkk….. Abdi embung ngalawan manehna”
Arjuna                  : “HAHAHAHAAAA …”
Bisma                    : “Srikandi? Maneh Amba anu pernah abdi paehan “
Dewi Gangga     : “Ulah maneh lawan cep … ulahhh”
Bisma                    : “Abdi moal ngalawan maneh”
Srikandi                                : “Baheula maneh pernah maehan abdi , baheula panah maneh atos nojos hate abdi “
Bisma                    : “Abdi terang”
Srikandi                                : “Rasana nyeuri pisan”
Bisma                    : “Nanging abdi teu sengaja”
Srikandi                                : “Teu……”
Bisma                    : “Manehna mundur sih, jadina asup eta panahna”
Srikandi                                : “Sampe akhirna ayeuna abdi paeh, sarta ayeuna abdi ngabuktikeun. Lamun abdi atos robah kaayaan jadi Srikandi”
Bisma                    : “Enya ntos , maaflahh kedap deui pan lebaran”
Srikandi                                : “Teu bisa , abdi bade ngajak perang ayeuna, kaliwat Srikandi oge ngalawan Bisma”
Bismaa                  : “Lain, abdi teu hoyong ngalawan maneh , ngan kalemahan-kalemahan abdi nyaeta saurang wanoja”
Srikandi                                : “Abdi teu paduli , ageh hareupan abdi , abdi nyampeurkeun”
Bisma                    : “Abdi henteu kuat”
Srikandi                                : “Baheula maneh pernah maehan abdi?”
Dewi Gangga     : “Srikandi ulah maneh ngalawan anaking , abdi nuhunkeun”
Srikandi                                : “Heyyyyy bisma , ageh maju kadieu”
Bisma                    : “Hayuuu atuhhh”
Srikandi                                : “Heyyyy … Bisma abdi bade ngabaleskeun dendam abdi salila mangtaun-taun”
(Srikandi jeung Bisma tarung)
Akhirna Bisma oge maot ku Srikandi nyaeta titisan Dewi Amba anu bersumpah erek ngelehkeun Bisma ngalewatan titisanna. Ku kituna Bisma oge tewas .
(Nyanyi Lagu DEWA19 - Separuh Nafasku )

TAMAT

1 komentar:

  1. Bisa Main Dari HP !!
    Support IOS & ANDROID
    7 Games Dalam 1 User_ID
    Menangkan Jackpot Harian S/d Puluhan Juta
    Jackpot Global Ratusan Juta
    Minimal Deposit Sangat Terjangkau !!
    Rp 10,000
    hanya di s1288poker
    (WA : 08122221680)

    BalasHapus

 

Blogger news

Blogroll

About